Jasaview.id

Istilah Patukangan Dina Bahasa Sunda

Istilah Patukangan Dina Bahasa Sunda - Istilah Patukangan Dina Bahasa Sunda. Patukangan teh nyaeta anu boga pagawean atawa anu purah migawe hiji pagawean .
Istilah Patukangan Dina Bahasa Sunda diantarana :


ISTILAHHARTINA
Amil,lebeTukang nuruskeun nu aya patalina jeung Agama di desa
BadayaAwewe tukang ngigel di karaton atawa di kabupaten
Bujanggatukang nyieun/ nulis carita
BarangmaenTukang jajaluk
BengkongTukang nyunatan
Candolitukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe)
DalangTukang ngalakonkeun carita wayang
Gendingtukang nyieun parabot tina kuningan
Indung beurangparaji nu sok ngurus ngajuru jeung ngurus orok
Kabayantukang dititah ka dittu da dieu
Kajinemanmandor sakitan, tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasantukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kabojengkengtukang ngagusur padati
Kulaerkusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncentukang ngurus kuburan
Legigtukang ngasruk dina pamoroan
Anjuntukang nyieun parabot tina taneuh
LoporTukang ngagondeng jeung ngereunkeun kuda
Malimtukang nalukkeun sasatoan
MasinisTukang ngajalankeun lokomotip
Maranggitukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebottukang nakol bedug
Saratitukang ngusir gajah
PanyumpitTukang nyumpit
Paninggarantukang moro
Paneresantukang nyadap
Pandaytukang nyieun parabot tina beusi
Pamayangtukang ngala lauk di laut
Pamatangtukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak)
Palikatukang teuleum (ngala lauk)
Paledangtukang nyieun parabot tina tembaga
Palatukiber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Pakacarbujang, juru laden
O’ahJago Tukang ngagugulukeun teu ecreug
Nyaraweditukang ngagosok permata
NayagaTukang nabeuh gamelan

Sekian posting Istilah Patukangan Dina Bahasa Sunda, hayu urang lestarikeun bahasa urang. Tong nepi ka leungit. Hatur nuhun.
Sumber:http://preesellaiskhandar.blogspot.com/

Post a Comment

0 Comments
* Please Don't Spam Here. All the Comments are Reviewed by Admin.
Jasaview.id