Jasaview.id

Kumpulan Paribahasa Dina Bahasa Sunda

Kumpulan Paribahasa Dina Bahasa Sunda

Kumpulan Paribahasa Dina Bahasa Sunda - Kumpulan Paribahasa Dina Bahasa Sunda

Selamat sore kawan. saya sebagai asli orang sunda ini sekarang akan membagi sesuatu yang mungkin bisa membantu anda dalam mengetahui arti dalam peribahasa sunda. dengan posting Kumpulan Paribahasa Dina Bahasa Sunda ini, semoga bisa bermanfaat untuk kita semuanya. Aminnnnn.........


  • Abong biwir teu diweungku, abong letah teu tulangan = jelema nu ngomongna sakarep arep,ngomong teu jeng wiwaha
  • Adep hidep = kumawula (ka salaki)
  • Asa dipupuk birus = ngarasa tibra hate
  • Asa ditonjok congcot = ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu disangka-sangka
  • Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana
  • Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan dina keur kasusahan
  • Asa nyanghulu ka jarian = teu ngenah rasa,lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
  • Asa peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawean
  • Asa rawing ddaun ceuli = mindeng ngadenge omongan nu teu ngenah
  • Atung eneh atung eneh = kitu-kitu keneh bae
  • Awak sabeulah = randa nu hirup imah-imah sorangan
  • Awak sasampayan = jangkung leutik atawa lenjang atawa jangjing, pantes make baju
  • Awewe dulang tinande = awewe mah biasana kumaha kahayang lalaki
  • Aya astana sajeungkal = datangna ajal mah teu gumantung ka umur
  • Aya bagja teu daulat = menang bagja tapi teu jadi kaberkahan atawa henteu tuluh meunang bagja
  • Aya di sihung maung = loba hubungan jeung gegeden, jadi babari meunang pitulung
  • Aya kelong newo-newo = aya nu ngusutkeun(ngarorocet) hiji perkara anu geus beres pisan
  • Aya nu dianjing cai = aya nudiheroan
  • Aya piker kapingburi = aya piker atawa rasa nu timbul pandeuri
  • Bias kabala kabala = bias campur jeung jelema ti rupa rupa golongan atawa bias digawe kasar jeung
  • lemes
  • Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun cece bocek jeung anu saenyana kudu dirusiahkeun
  • Bobo sapanon carang sapakan = teu puguh undak usukna,teu puguh entep seureuhna
  • Bobor karahayuan = katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah
  • Bobot pangayon timbang taraju = pangadilan, timbangan anu adil
  • Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
  • Bodo katotoloyo = bodo jeung teu daek tatanya
  • Boga piker rangkepan = henteu bolostrong, henteu ujug ujug percaya kana omongan batur anu amis
  • Bogoh nongecang = bogoh sosoranganan, teu dilayanan, ambon sorangan
  • Bosongot bade amprotan = dipikagimir, pasemon jagoan
  • Bujang jengglengan = jajaka tulen sarta tegep
  • Bujang tarangna = lalaki nu can kawin geus teu bujangan deui
  • Buburuh nyatu diupah beas = diajar bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan
  • Buncir leuit loba duit = taya kakurang
  • Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang = hirup taya kakurang, salilana ginding
  • Buruk buruk papan jati = burung palung dulur sorangan = sanajan ngewa atawa ngambek ka dulur, tapi ari menang karerepet mah teu weleh haying nulungan
  • Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = rido pisan, taya geuneuk maleukmeuk dina hate
  • Caang padang narawangan = caang piker
  • Cacarakan = kakara diajar, tacan bias bener
  • Cadu mungkuk haram dempak = sumpah yen bener-bener embung ngalampahkeun salah sahiji perkara
  • Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket = taki-taki ngajaga kaamanan
  • Ceuli lentaheun = sadenge-dengena, sanajan lain dengekeunana
  • Ceplak Pahang = satarabasna teuing, kajeun teuing matak teu ngenah kana hate batur oge
  • Ciduh jeung reyhak = sarua gorengna atawa sarua goring adat
  • Clik putih clak herang = rido, iklas, kaluar tina hate anu bersih
  • Deukeut-deukeut anak taleus = sakitu deukeut teu nyaho yen baraya atawa teu nyaho kajadian penting padahal deukeut
  • Dibejerbeaskeun = dieceskrun, ditetelakeun, dijentrekeun nepi ka bubuk leutikna
  • Dibeuweung diutahkeun = dipikir dibulak balik
  • Didagoan ku seeng nyengsreng = didagoan ku pangabutuh rumah tangga atawa pangabutuh sapopoe
  • Dihin pinasti anyar pinanggih = sagala rupa nu kaalaman ayeuna, saestuna geus ditangtukeun ti heula ku pangeran
  • Disuhun dina embun-embunan = ditarimakeun pisan
  • Ditangtang-tengteng dijieun bonteng sapasi = digulang gaper
  • Dogdog pangrewong = milu nyarita minangka estra
  • Dosa salaput hulu = loba pisan dosa
  • Dug hulu pet nyawa = digawe beurat meh taya eureuna
  • Elmu ajug = elmu nu teu dipake ku sorangan, ngan saukur mamatahan batur
  • Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna = hirup kudu bari nyiar elmu pikeun kasalametan
  • dunya aherat
  • Euweuh elmu panungtungan = elmu mah moal aya beakna sanajan nepi ka ajal oge
  • Galak sinongnong = mimiti aya sir ka awewe, tapi teu wani adu hareupan
  • Galak timburu = babari timburuan
  • Galegeh gado = sareseh, serewel, someah, akuan
  • Gede-gede ngadage = gede awak tapi euweuh kawani
  • Gede gunung panaggeuhan = boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gede dunya anu dipake andelan
  • Gede hulu = adigung
  • Gemah ripah low jinawi = gegek cacah jiwana sarta raharja
  • Gentel keak = meh tara lesot (budak ti indungna)
  • Genteng-genteng ulah potong = sanajan hasilna teu sabaraha keun bae tinimbang luput
  • Gereges gedebug = ngalampahkeun pagawean teu di piker panjang heula
  • Getas harupateun = babari ambek
  • Geus aya dina pesak = kakeupeul, geus kanyahoan rusiahna
  • Geus aya kembang-kembangna = geus aya anu nimbulkeun harepan kana hasil nu dimaksud
  • Geus bijil bulu mayang = geus baleg
  • Geus cueut ka hareup = geus kolot, geus liwat tengah tuwuh
  • Geus karasa pait peuheurna = geus kaalaman sagala rupa nu ngenaheun atawa nu matak susah
  • Geus turun amis cau = geus mangkat beger ( awewe)
  • Gindi piker belang bayah = goring hate
  • Ginding bangbara = resep ginding jeung royal ngarah katingal ku batur
  • Ginding kakampis = ginding tapi teu boga duit
  • Goring peujit = goring hate
  • Goring sisit = goring milik
  • Gugon tuhon = kukuh, satuhu
  • Gulak giluk kari tuur, herang-herang kari mata,teuas teuas kari bincurang = asal beunghar jadi miskin,teu boga naon-naon
  • Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi = taya wates wangena
  • Gurat batu = kukuh, teguh tangtungan
  • Gurat cai = teu puguh jangjina, sok robah tangtungan
  • Hade gogog hade tagog = hade basa , budi parangi, jeung sikep ; nyaho tata titi

Post a Comment

0 Comments
* Please Don't Spam Here. All the Comments are Reviewed by Admin.
Jasaview.id