Jasaview.id

Aseupan Anu Jadi Barang langka

Aseupan Anu Jadi Barang langka
Aseupan - Aseupan Anu Jadi Barang langka. Jigana kiwari geus loba nu teu arapal kana u barang ala dapun anu ngaranna aseupan. Sok komo barudak ngora nu cicingna di beh kota mah, sabab eta pakakas teh geus jarang dipake teh, duka kamana leosna. Padahal mah eta barang warisan karuhun teh kacida pentingna sok dipake nyangu, anu pasangananana jeung seeng tea.

Bareto mah, samemeh ngagunakeun tehnologi ma-jikom make setrum listrik anu ngan sakolepat geus asak teh, nyangu sok make seeng paragi naheur cai. Mun cal geus ngagolak beas anu tas di isikan teh sok diwadahan dina aseupan terus diteundeun di luhureun liang seeng. Tah lamun geus gigih beukah beasna terus diasupkeun kana dulang dikurah kreh sina beukah. Geus kitu di seupan deui dina aseupan nepi ka beas teh asak jadi sangu.Terus we diakeul dina dulang.

Sangu anu meunang ngolah diisikan, caina di taheur dina seeng keur ngasakan beas make aseupan, hasilna matak kajojo. Sanguna pulen jeung awet mun heg ditunda dina lomari, matak nikmat didaharna teh. Komo mun deungeun sanguna jeung beuleum lauk, diembohan angeun waluh, sambel tarasi jeung lalab-lalaban, matak ponyo ka nu ngasaanana.

Aseupan teh dijieun tina awi meunang ngarauter, Dianyam mani rapih ngawujud buleud make panguat anyaman hoe anu ka handapna mencos. Aseupan pikeun nunda beas ambeh gancang asak, dikebulan ku cai ngagolak asup kana liang anyaman awi tea. Ambeh tereh asak beas anu keur diasakan diluhurna sok dituruban ku tutup panci sing rapet.
Kautamaan nyangu make aseupan teh, sanguna mani pulen, komo mun masakna dihawu make suluh, rasa sangu matak leuwih nguenah batan ngagunakeun mejikom anu naheurna make setrum listrik atawa make gas. Sok was cobaan dahar di salah sahiji warung di tapel wates antara Kacamatan Cikatomas-Kacamatan Cikalong, anu di eta warung sangu diolah make suluh, seeng jeung aseupan anu diseuneuan dina hawu make suluh garing. Nu matak di eta warung kacida payu didareugdeug ku jalma anu datang ti unggal daerah.

Kulantaran kacida pentingna aseupan pikeun alat masak, saban poe loba tukang garabad anu ngakleung-ngangkleung aseupan jeung pakakas dapur sejenna. Di toko jeung di warung-warung ge sok ngajualan aseupan. Aseupan sok tara lila dipakena teh lamun geus ruksak kudu gancang digenti ku nu anyar. Nu matak unggal imah ngabogaan aseupan sok nu leuwih ti sasiki. 

Kaharti ku kituna mah, kunaon pangna di jaman kiwari aseupan geus tara dipake deui masak, Pon kitu deui seeng, hawu jeung suluh ngan kari waasna. Alesnana mah, nyangu dina hawu anu di jerona aya aseupan geus katinggaleun jaman. Nyangu make suluh matak kalotor jeung marehong deuih. Lian ti eta masak make seeng jeung aseupan rada lila jeung kesel ngadagoanana mun dibandingkeun masak make ma-jikom anu ngan sakolepat sang geus asak, bari jeung teu kudu ditungguan deuih. Kajeun aseupan geus jadi barang langka, cing atuh sakali kalieun mah, lamun hayang ngasaan dahar sangu anu puleun jeung nimat rasana, nyangu make seeng jeung aseupan bari seuneuna make suluh dina hawu. Lian ti ngeunah jeung nikmat rasana, itung itung ngamumule barang langka anu sok dipake ku karuhun urang dina jamanna. (Eti Kresnawati-SDN Anggaraja Kacamatan Singaparna) Atikandisdik***

Post a Comment

0 Comments
* Please Don't Spam Here. All the Comments are Reviewed by Admin.
Jasaview.id