Jasaview.id

Carpon Sunda Duriat Reuntas Sapisan

Carpon Sunda Duriat Reuntas Sapisan - Kuring ngalamun nyawang mangsa ka tukang. Mangsa-mangsa keur make keneh bodas abu, anu sakitu endahna. Mun ka sakola indit the rebun-rebun keneh da sieun kabeurangan, sabab sakola kuring mah ayana di kota. Indit teh sok samobil jeunq tukang lauk, atuh barau hanyir. Braaaak... kadenge aya nu ngebragkeun meja ”Niaaaaa....kerjakeun soal dihareup, ngalamun wae” kuring reuwas, katempo dosen kuring geus nangtung hareupeun kuring bari mulak cangkeng.
Carpon Sunda Duriat Reuntas Sapisan
Baca Juga Artikel: Terbaru mengembalikan IMEI Lenovo a369i 100% Work
“Niaaa hayoh ka hareup cicing wae!“ dosen kuring ngambek, kuring buru-buru ngajawab bari tungkul sieun “Tapi pa, kuring teu acan paham.” ayeuna dosen kuring ngaleret ka sakabeh murid nu aya di kelas ”Sok, saha anu arek ngabantuan Nia ngerjakeun soal di hareup?” ceuk dosen, jep sakabeh mahasiswa jempling. “Kuring Pa ”ceuk hiji sora ti tukang, kuring ngareret ka tukang wahh.... saha eta anu arek ngabela kuring, aya rasa atoh dina hate kuring sabab kuring aya nu ngabela. Sanggeus kajadian eta kuring jadi deukeut jeung jalma anu ngabelaan kuring kamari, jalma eta teh ngarana Odi, biasa di sebut kitu tapi ngaran aslina mah Fahroji cenah.

Kalilanakeun kuring jadi deukeut jeung manehna, aya rasa anu beda dina hate lamun ninggali rarayna, kuring bingung rasa naon eta, nu jelas rasa ieu hayang pisan lamun nempo manehna bagja. Akhirna kuring papacangan jeung manehna, sarta manehna janji sanggeus rengse kuliah rek ngalamar kuring. Kuring leumpang ka kelas bari ngabogaan rasa bagja, sabab rek Papanggih jeung pujaan hate anu dipikaheman geus saminggu kuring teu papanggih jeung manehna, sugan we poe ieu mah aya. Satepina di kelas, kuring lurat-leret ka sakuriling kelas tapi teu katempo anu di tutungguan teh, ah meureun can datang hate kuring noroweco. (Noknok Kartini, S.Pd./Atikandisdik2017)***

Karena ceritanya cukup panjang, untuk melanjutkan klik Baca Selanjutnya...

Post a Comment

0 Comments
* Please Don't Spam Here. All the Comments are Reviewed by Admin.
Jasaview.id