Jasaview.id

Dongeng Sunda Jurig Tungkek

Dongeng Jurig Tungkek - Panonpoe teu nembongan, langit ceudeum poek Sabab kahalangan ku pepedut hideung ti beurang keneh. Bada ashar Seok angina mawa mega hideung nambahan angkeub, seok deui angin nguiran lembur bari asa dibarengan ku anu bau, tapi teu loba pikiran nu aneh sanajan aya anu ngadupak irung. Seor angina jeung cai hujan mani ngagebret, hate Jang Kandi murungkut ban babacaan sabisa-bisa sabab sieun ku angin badag jeung sieun tangkal kai rungkad ninggang imahna.

Wanci geus deukeut ka magrib, hujan can keneh raat. Angin karasa nyelecep tiis kana awak, seor deui angina jeung cai hujan, Jang Kandi reuwas sabab bau bangke mani nyelenget pisan, tapi pikirna bangke oray anu dipiceun ka kebon. Bada magrib hujan keneh, tas solat teu cengkat ieuh tuluy wiridan rada lila, babacaan sabisa-bisa nyinglarkeun kasieun, neneda ka gusti nu Maha Suci.”Guluprak!” di tukangeun imah sada aya anu murag, hatena reuwas tuluy pa pelong-pelong jeung pamajikana anu masih keneh dimukena tas salat berjamaah. 
Baca Juga Artikel: Puisi Bahasa Sunda Nini-nini
Puringkat bulu punuuk carengkat basa ngambeu bau bangke bareng jeung datangna angin, “boa-boa bangke je1ema” Pikir Jang Kandl. Jet listrik pareum, hatena beuki keueung, maksud rek nyeungeut lilin pamajikanana muntangan hayang milu, sieuneun ditinggalkeun sorangan, antukna leumpang pagegeye, kukutapyakan mopoek neangan korek api. Hujan ngaririncík kapeutingnakeun, angin masih keneh suak-seok, listrik can keneh hurung. Pamajikanana embung pajauh, diuk ge pagegeye, pantes kituna tea mah, sabab Jang Kandi masih keneh panganten anyar. Maranehna babacaan hareupeun lilin anu kalan kalan rek pareum katebas angin anu asup kana sela bilik.”Kang sada aya nu ngahiung” ceuk pamajikanana bari mereket nangkeup, sieuneun. (Ki Lahong/Atikandisdik)*** 
Untuk Dongeng lengkapnya Silahkan copy link http://j.gs/97FA

Post a Comment

0 Comments
* Please Don't Spam Here. All the Comments are Reviewed by Admin.
Jasaview.id